Monday, February 20, 2017

√ Rujukan Puisi Untuk Lomba Apresiasi Bahasa Dan Sastra Sunda

Sebagai sarana untuk menanamkan kecintaan siswa sekolah  di Jawa Barat kepada Bahasa dan kesusastraan Sunda, Pemerintah Propinsi Jawa Barat setiap tahun rutin menyelenggarakan Lomba Apresiasi Bahasa dan Sastra Sunda. Adapun mata lomba yang dilombakan antara lain : Pidato Bahasa Sunda, Ngadongeng, Maca Sajak, Pasanggiri Pupuh dan Tari Tradisional. 

Dengan adanya aktivitas Lomba Apresiasi Bahasa dan sastra Sunda ini diperlukan siswa  mengenal dan termotivasi untuk mencar ilmu bahasa dan kesusastraan Sunda, dan kemudian timbul rasa mempunyai dan mengasihi terhadap bahasa dan budaya sendiri sehingga keberadaan Bahasa Sunda diperlukan lestari. Hal ini penting dilakukan alasannya ialah bila tidak dilakukan upaya pelestarian Bahasa dan sastra Sunda dikhawatirkan suatu ketika Bahasa Sunda hanya akan menjadi dongeng masa lalu.

Di bawah ini disajikan beberapa buah sajak yang biasanya menjadi pilihan dalam Lomba Apresiasi Bahasa dan Sastra Sunda, khususnya dalam mata lomba Maca Sajak menurut Juknis lomba Apresiasi Bahasa dan Sastra Sunda tahun 2016.

            PAMAYANG
      Rachmat M. Sas. Karana

Bulan imut
Ngangkleun di langit
Budak ulin di buruan

Angin darat
Muru  ka laut
Pamayang nyolendang korang

Parahu leutik
Laju nyiriwik
Nganteur perjuangan di sagara

Warna perak
‘nabeungeut ombak
Beuteung lauk tingborelak

Nu jadi harepan
Pikeun kahirupan
Laut nu lega paparin Pangeran



             CIPASUNG
         Acep Zamzam Noor

Ciibun na tonggong daun
Hiliwir angin ngusapan pipi kembang
Sesa hujan peuting ngagenclang di buruan
Lembur kulawu dipulas halimun ipis
Dalingdingna hawa gunung, jungjunan
Nungtun  lengkah mulang ka pangkonan salira

Di tonggoh pasir ngemploh keneh
Kiara jeung tanjung can muguran deui
Upama  langit angkeub lebah tutugan mangsa
Buntelan mega bedah ku geter katresna
Kuring sujud jeung sumegruk, jungjunan
Ngamparkeun cimata sapanjang lemah kadeudeuh


LEBARAN
 Yus Hamdan
Karasa nyebitna hate mun takbir ngetrokan ceuli
Aya talatah ti angin nu kungsi eunteup na pucuk-pucuk suji
Amit jungjunan
Rek ngawurkeun kembang-kembang do’a sapitna tina hate
Ngocorkeun cimata meunang nyiuk tidasar muara cinta

Kahayang mah sujud na poean lebaran teh, jungjunan
Dina lahunan
Nyicikeun karumasaan bari menta pangampura
Heg anjeun niupkeun roh-roh kahirupan kana embun-embunan
Bekeleun kuring ngumbara

Karasa nyerina hirup tanpa asih
Taya dampal ciumeun na poe lebaran
Ngan kerikil di pakuburan
Ngajengjen tetengger jeung tangkal suji
Nu tungi kana rasa jeung cimata

Memang peurih mitineung nu geus lastari
Tingtrim pisan anjeun nyanda jero pangreureuhan abadi
Alam nu damai simpe tina lagu oge jantung nu tatalu
Jungjunan, demi amisna cisusu
Kembang jeung do’a sumawur deui


TANAH SUNDA
KARYA  AJIP ROSIDI
Hejo pagunungan
Paul lautan
Hejo
Paul
Langitna hate kuring

Masing dimana kuring nangtung
Masing kamana kuring leumpang
Tanah lembok tempat bumetah
Angin nyeot nyiuman tarang

Masing dimana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mungpang kuring rek datang
Neueulkeun tarang neueulkeun jantung

Kuring tungtung teuteupan
Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada

Kuring geus nyaksian getih ngabayabah
Getih maranehna nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasad nu ruksak ngalungsarna dada anjeun

Hejo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Hejo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman

Ngan lantaran kuring cinta
Ngan lantaran kuring tresna
Langit hibar lembur musnah
Jalan lecek ngabulungbung ka kota

Kembang beureum buah biru
Kembang wera kembang jayanti
Tanah tempat kuring sideku
Ngurungan mun kuring tepi kapati

Sumber http://selalusiapbelajar.blogspot.com